Kamis, 04 Oktober 2012

Biantara



BIANTARA WAWAKIL SISWA KELAS 3




Assalamu’alaikum wr.wb.
            Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang. Malih ku rasa mantenna pisan urang tiasa ruing mungpulung paamprok jonghok raray raraga paturay tineung.
            Sholawat sinareng kasalametan mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan urang, Nabi Muhammad SAW, ka urang kulawargina, ka sohabatna teu kakantun mugia leleberanana ginulur ka urang sareng sadaya umatna anu tumut kana pituturna. Amin ya Alloh ya robbal alamin.
            Bapa kepala sekolah anu ku sim kuring dipirhormat, bapak ibu guru sareng staf TU anu sami kusimkuring dipihormat, paratamu anu kusimkuring dipihormat, oge teu hilap ka rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.
            Hatur nuhun ka protocol anu parantos masihan waktos ka sim kuring anu sagamlang – gamblangna.
            Najan weruh anu dimaksud, waspada kanu seja geuning paturay tineung mah bet benten raraosan, eta panginten wireh urang kedah papisah.
            Bapa, ibu guru anu ku simkuring dpihormat. Ngadegna  sim kuring di dieu teu aya sanens wawakil ti rerencangan kelas tilu hoyong ngadugikeun kereteg angen kadaling ati anu nyangkaruk dina kalbu sumarambah dina bayah, sakantenan namplokeun rasa kasono.
            Bapa miwah ibu guru nu dipihormat. Simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya kasaean anu sakieu utamina. Estu kasuhun kalingga murda katampi ku asta kalih, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Bapa sareng ibu parantos masihan bimbingan atikan anu moal tiasa ku sim kuring dihilapkeunana. Oge kadeudeuhna bapa sareng ibu teu aya tandinganana. Anu memang simkuring sareng rerencangan moal tiasa ngabalesna. Anging pidu’a nu kasanggakeun mugia amal kasaean ibu miwah bapa di bales ku Alloh swt. Amin….


            Teu hilap simkuring bade nyuhunkeun dihapunten ka bapa miwah ibu tina sadaya kalepatan – kalepatan simkuring sareng sadaya rerencangan rumaos seueur kalepetan anu ngajengkelkeun ka ibu miwah bapa, mudah-mudahan bae bapa sareng ibu luntur kalbu wening leah manah tiasa ngahapunten.
            Bapa- ibu kalih sadaya keluarga besar MTs Assasul Islamiyah Cibatu Cikembar, salami tilu taun, sim kuring sareng sadaya rerencangan dididik, diaping, dijaring, diwuruk elmu pangaweruh mugia ageing mangpaatna kanggo pibekeleun sim kuring dina mangsa dewasa.
            Bapa, ibu mugi-mugi sadikantuna ku simkuring sareng sadaya rerencengan di MTs Assasul Islamiyah Cibatu Cikembar ieu sing langkung mejeng, sing aya tenjoeun deungeun, deuleuleun batur boh bidang study, boh katerampilan kitu deui organisasi. Cindekna sadaya garapan tiasa digarap kalayan praktis, pragmatis, realistis.
            Cunduk waktuna ninggang mangsana urang paturay, ku kituna nya ayeuna mangsana kangge nembrakeun rasa, namplokeun deudeuh dina paturay tineung keur teundeun enteungeun, tunda alaeun, cangcang dina tulang-tulang, dina cupu hulu laku, dina padaringan hate. Urang teang ‘na ciciptan dina mangsa urang patebih.
            Sasawi jadi di leuwi, saladah dikumahakeun miang bari sumoreang leleuwang loba kamelang, kareueung loba katineung, baluas loba kawaas, ngantun dulur nu sagulung, nilar baraya sagalang. Kanca mitra sadaya kapaksa ku jalan ieu urang paturay, paralun ageing panuhun muga jembar pangaksami, hapunten anu kasuhun, hampura anu di teda miwah do’a jeung pidua tisadayana.
            Papadaning kitu sanajan jirim patebih, sanajan jasad paanggang, kalbu keukeuh pagugulung, ati ge pagiling gisik, sadaya nu kaalaman moal laas ku panjang mangsa moal kalis kapiati disambung ku ngalamun kedalna dina ciciptan.
Pileuleuyan-pileuleuyan sapu nyere pegat simpay paturay patepang deui.
Angeun kacang jeung kelewih
Diawuran daun jaat
Dimana urang patebih
Duduluran ulah pegat
            Panutup catur pamungkas carita, tutug laku pungkas kecap bobo sapanon carang sapakan, bilih aya saur ngalantur nu teu kaukur, carios banyol nu teu sapagodos mugi jembar hapuntenna. Ditutup ku : Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum wr.wb.



NYUKSESKEUN WAJAR DIKDAS 9 TAUN

            Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh


            Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du
            Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring.
            Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
            Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil ‘alamin wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo ngadugikeun biantara.
            Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna. Amin ya robbal ‘alamin.
            Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
            Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
            Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
            Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit dibabarkeun dugi ka maot.
            Sakumaha pidawun Rosululloh SAW “ Tolabul ‘ilmi faridotun ‘ala kullil muslimin walmuslimat minal mahdi ilalahdi.”
            Naging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal. Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.
            Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT.
            Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.
            Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.
            Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna urang sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal ‘alamin.
            Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama, mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.
            Wassalamu’alaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

0 komentar:

Posting Komentar

 
;