Kamis, 04 Oktober 2012

Dongeng Sunda


TILU SATO
Ajag ngomong ka bancet : “Naha maneh asoy-asoyan bae, mun digawe barangsiar cara batur”. Wangsulan bancet : “Hih lain teu digawe, puguh kaula teh sieun, krur diintip-intip bae tuh ku bango, rurupaanana kawas rek neureuy bae ka kaula teh”.
Ajag malik nanya ka bango : “Naha silaing bango, goreng-goreng teuing, teu hade kitu ka sasama mahluk mah”.
Jawab bango:”Teu pisan-pisan kaula rek nganiaya bancet. Ongkoh sampean anu goreng teh, ti tadi mula ngunguntit bae ngarah kaula. Didodoho diarah bongohna. Hadena bae kaula caringcing”
Ajag eraeun tuluy bae balik.



AJAG JEUNG ANJING.
Ajag papanggih jeung anjing di sisi huma. Anjing nanya:“Rek kamana sakadang ajag?“
Jawabna:“Teu, rek nyaba bae“. Cek anjing:“Tibatan nyaba teu puguh mah anggur urang nyampeurkeun manusa. Geura manusa mah bageur sok mere kahakanan nu ngareunah“
Omong ajag:“Hayu atuh dewek milu“
Teu lila jol paninggaran rek moro ka leuweung. Anjing nyampeurkeun bari kupat kepot malar dipikarunya. Ku paninggaran dicetrekan bari diheotan. Lung dialungan leumeung ketan sapotong.
Ajag nyampeurkeun bari nyanggerengan. Paninggaran gancang nyabut pedang. Barang rek dikadekeun, ajag ngejat lumpat ka nu bala bari ngomong :“Edas bae, kutan manusa teh sakti, igana hiji dicabut, rek diteunggeulkeun ka aing. Lamun aing teu gancang ngejat mah tangtu paeh“.
„Ah ti serek ayeuna aing moal deui-deui nyampeurkeun bangsa manusa“.

MAUNG, EMBE JEUNG AJAG

Ajag ngomong ka embe : „ Bagea sakadang embe, tas ti mana, naon bae nu diseja datang ka kaula teh?“
Jawab embe:“Puguh kaula teh keur meunang kasusah banget pisan. Nu kagungan leuweung geus meunang dua peuting ngulincer bae di pakarangan rek ngarah kaula“.
Jawab ajag : „ Hih tai ceuli teuing sakitu mah. Tah tektek seupah bae sing ngabulaeh. Aing tuturkeun ayeuna ka tempat maung“.
Pek embe dipapatahan piomongeunana.
Barang ajag keur adu hareupan guntreng cacarita jeung maung, embe datang bari cupak capek, sungutna beureum kawas tas nguyup getih bae.
Cek ajag : „ Aeh sakadang embe, tas ti mana, kadieu eureun heula“.
Jawab embe : „Lah puguh tas mumuluk, bieu di lebak manggih maung keur nundutan, gede teh. Diteunggar ku kaula, ngan sakali pisan, sek bae paek. Tuluy bae dikecrokan polona, alah aya pulen. Lamun dewek nyaho yen silaing aya di dieu, meureun dipangjingjingkeun atina. Ayeuna silaing boga eta hiji nya?. Polona bagian dewek, keur nyeubeuhkeun. Dagingna katut tulang-tulangna mah top bae jang silaing“
Barang maung ngadenge omongan embe kitu, ngejat bari ngagaur, sieuneun ku embe, asup ka jero leuweung.
Ti harita maung tara ngintip-ngintip deui ka eta embe.


BADAK JEUNG SAGALA SATO.

Hiji mangsa sagala sato dina hiji leuweung daratang nepungan peucang,
Cek Peucang :“ He batur-batur naon pikarepeun sampean daratang kabeh ka kaula?“
Jawab sapi kolot :“ Kieu ujang, kaula teh sabatur-batur nu matak daratang ka dieu rek menta tulung pangmaehankeun badak, karana kekebonan kaula kabeh ruksak diranjah ku badak. Geus
sababaraha kali dicaritakeun tapi teu daek ngagugu bae. Ayeuna kabeh kaula nyanggakeun, sing karunya bae ka kula jeung ka batur-batur“.
Jawab peucang : „Keun bae, eta mah kumaha kaula bae“.
Pareng peucang papanggih jeung badak.
Cek peucang : „Kiyai, naha kiayi geus ngadangu carios yen maung Raja leuweung ieu rek liren tina ngasta karajaan. Kaula hayang pisan dirajaan ku kiayi. Pantes pisan mun jadi raja, aya gagah, sakti, tambah-tambah kaumbang ku dedeganana, geus teu ningnang jadi raja teh.
Jawab badak : „Atuh puguh hayang mah. Ngan kumaha piakalaneunana“
Omong peucang : „Hih gampil, engke wengi urang sarare bae di patapan kuring di gawir Si
Lungkawing, sugan pinareng aya ilapat nurbuat ragrag ka kiayi“.
Geus peuting dug ngaredeng di sisi gawir, ari badak beh tengah. Barang geus peuting pisan peucang pindah lalaunan. Tuluy ngomong lalaunan :“Kiayi, iser ditu, kuring sieun ragrag, ieu tember pisan!“.
Badak teh teu rarat reret deui, tuluy ngeser. Ana gurubag teh badak tiguling ka lebak nu jungkrang pisan, nepi ka hanteuna.


BANGSAT JEUNG GAMPARAN.

Aya bangsat maling munding ti urang lembur. Ku manehna dibawa baris dijual ka sejen tempat. Nu boga nyusul. Ti kajauhan keneh geus katembong, bangsat teh keur nungtun munding. Nu boga bingungeun kumaha piakaleunana sangkan eta munding kapimilik deui. Ari rek dipaksa direbut teu wani, turug-turug teu aya batur sahiji.
Tuluy leumpang gancang motong jalan jajahan, megat pijajalaneun bangsat tea. Sok manehna neundeun gamparan sabeulah di pijajalaneun bangsat tea. Tidinya manehna nyumput. Barang bangsat ngaliwat ka dinya, eta gamparan teh dicokot ku bangsat teh tapi dilesotkeun deui. Tidinya nu boga munding, lumpat maju ka hareup, sok neundeun gamparan sabeulah deui di tengah jalan. Manehna nyumput deui di nu bala.
Barang bangsat nepi ka dinya, tuluy ngarandang nyokot gamparan bari semu mikir. Mundingna dicangcangkeun kana tangkal kai. Bangsat balik deui ka tukang rek nyokot gamparan nu tadi dilesotkeun tea.
Sabot bangsat keur nyokot gamparan, nu boga munding teh gancang nyokot mundingna dibawa balik, salamet nepi ka imahna.


KIAYI.

Aya hiji kiayi hayang boga minantu ka tukang macul. Hiji poe datang sudagar nanyaan, tapi teu ditampa, sabab waktu sasalaman jeung kiayi karasa leungeunna lesang, jadi katangen yen lain tukang macul.
Sababaraha jelema nu nanyaan teu ditampa bae, da leungeunna teu karadak. Kadenge ku nu lolong, yen kitu rahasiahna kiayi, tuluy leungeunna dibalur ku ketan, jung indit ka kiayi. Datang-datang tuluy sasalaman, cek pikir kiayi : Ah keun bae lolong-lolong oge da leungeunna mah karadak, tangtu ieu tukang macul.
Cek Kiayi: „Sampean montong mulang deui, bakal dikawinkeun ayeuna ka anak kaula“.
Isukna minantuna dititah macul ka sawah, tengah poe pamajikanana nganteuran.
Sudagar nu nanyaan pangheulana tea, teu ngeunaheun, panas hatena, tuluy nuturkeun ka sawah. Nu lolong teh diosol sarta dibere duit ku sudagar supaya mikeun pamajikanana jeung nyingkah ti desa eta. Ari pamajikanana baralik jeung sudagar, sadatang-datang anakna cacarita ka bapana, nyaritakeun yen salakina jadi beunta henteu lolong.
Jawab bapana :“Alhamdulillah nyai, sukur..sukur..!“.


ANAK TUKANG BOHONG.

Si Salham anak tukang bohong. Geus kaceluk kamana mendi yen Bapa Salham jelema gede wadul, gede omong, sumawonna tatangga-tatanggana mah geus teu aya nu percaya saurang-urang acan kana omong Bapa Salham teh. Lamun aya jelema ngawadul cek baturna teh “Silaing mah kawas Bapa Salham bae”.
Barudakna ge salembur eta mah geus nyarahoeun kabeh, nepi ka nelah Si Salham anak tukang wadul. Sakali mangsa mah Si Salham kacida ngenes atina, dumeh rek milu ulin ku baturna teu dibawa, pokna:“Montong ulin jeung Si Salham bisi katepaan wadul, da anak tukang bohong, meureun manehna ge gede bohong”. Tina ngenesna, tuluy balik ka imahna bari jamedud. Manehna teh ngomong bae di jero atina ku hayang ngabuktikeun omong batur-baturna, naha enya bapana teh ahli wadul atawa pitenah bae.
Kabeneran barang datang ka imahna, cek bapana :” Salham isukan mah maneh ulah ulin, urang ngala suluh ka leuweung”. Walon Si Salham heug, Di jero atina manehna ngomong:” Nya ayeuna bisa nyelok ka bapa teh”.
Kacaritakeun isukna isuk-isuk bral arindit ka leuweung, mekel timbel, deungeunna oncom jeung sambel, da lalabna mah di leuweung ge loba. Ari Si Salham mawa wajit deui hiji diselapkeun dina calana. Barang nepi ka leuweung, cek Si Salham:”Euleuh, bapa....itu badak”.
Omong bapana:”Euleuh heueuh, deuleu itu anakna aya dalapan”. Cek SiSalham:”Mana bapa?”. Cek bapana deui:” Tuh geuning ka lebak”. Padahal euweuh badak, euweuh naon-naon.
Si Salham ngomong di jero atina:” Beu, enya, manahoreng bapa teh tukang wadul. Tidinya ger maranehna ngala suluh. Kira wanci pecat sawed Bapa Salham jeung anakna areureun di handapeun tangkal kai rek murak bekelna, ari lalabna mah geus ngunduh, bongborosan jeung pupucukan, keur bawaeun balik ongkoh sawareh..
Kacaritakeun deukeut ka dinya aya susukan gede. Sanggeus entep barang daharna, kesang geus pepes jeung geus reureuh capena, Si Salham ngomong, pokna:” Bapa, kula hayang mandi heula, cing anteur”. Tuluy Si Salham jeung bapana ka cai. Barang datang ka cai Si Salham mandi, tapi calanana dipake bae, lep teuleum. Barang bijil deui tuluy hanjat, pok ngomong ka bapana :”Euleuh bapa, mana horeng di jero cau teh aya lembur, di dinya aya nu keur kariaan, kaula ge dibawa ngariung, tah ieu berekatna ngan mawa wajit we hiji”. Walon bapana:”Aeh aeh na enya?. Cing bapa rek kaditu”. Tuluy Bapa Salham turun ka cai, lep teuleum. Ari susukan teh teu kira-kira loba batuna, kawantu susukan di pagunungan. Bapa Salham tidadalagor kana batu, tarangna bancunur. Ari teuleumna mah teu wudu kebel. Tidinya jol deui bijil, tuluy hanjat.
Cek Si Salham:”Kunaon bapa tarang baloboran getih?”. Walon bapana:”Har kapan bapa teh di nu
kariaan ditanggap menca, diadukeun jeung urang ditu, teu wudu rada ripuh diteunggeulan tarang, tapi ari nu eleh mah itu, rubuh ku bapa, teu bisa hudang deui”. Omong Salham:”Na dimana bapa aya nu kariaan?”
“Kapan di ditu di jero cai”
Cek Si Salham:“ Atuh sameureun bapa, kula ku batur-batur sok disarebut anak tukang wadul nepi ka btur teh teu daraekeun dipiluan ulin, kula teh kacida nya ngenes ati. Manhoreng bapa teh lain ka deungeun-deungeun bae ngawadul teh, ka anak ge kitu we. Ari kitu mah bapa teh lain nyontoan bageur ka anak teh. Cing atuh bapa ulah kitu“.
Bapa Salham reup geuneuk ray pias, awahing ku era ku anakna, sarta niat di jero atina rek kapok moal wadul-wadul deui.


TILU RUPA PAMÉNTA.

Jaman baheula aya hiji jalma teuing ku malarat, dahar soré henteu isuk. Ari pakasabannana buburuh ngangon domba. Sanajan manéhna kacida getolna, henteu mahi baé, sumawonna cukup keur sapopoé, sabab panghasilanana leutik. Ari buruhannana dina sabulan téh ukur lima geugeus paré jaba dahar. Demi dununganana jalma beunghar, tapi teuing ku korét jeung licik, ka pangangon téh ngan minteran baé. Upama tukang ngangon domba rék indit ngangon, dibekelan téh ngan ukur sangu jeung uyah sambel, langka pisan dibéré deungeun sangu nu séjén. Lamun keur usum panén, dibéré paré buruhan téh sok dipangmilihkeun paré nu gambrang pisan. Atuh mun dijual téh teu sabaraha hargana, teu bisa keur meuli baju nu pangmurahna. Papakéana geus ruwang rawing pisan, cara jalma nu owah baé. Sakali mangsa tukang ngangon téh gering nepi ka teu bisa ngangon, ku dununganana teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon. Ka dununganana ménta barang dahar teu dibéré da can aya hasil gawéna, nepi ka manéhna jajaluk. Liwat saking prihatin sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang ku dahareun, teu kurang ku pakeeun. Ku tina nyeri haténa, antukna miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum. Barang geus meunang sababaraha poé saré di leuweung hanpaeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu gigireunana tilu siki, sagedé-gedé muncang, baruleud laleucir, kawas batu cao. Teu kira-kira manéhna kagéteunana. Ngomong di jero haténa :“ Na saha nu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh“. Sabot kitu kadéngé aya sora tan katingalan, pokna : „ Hé jalma miskin, kusabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa, naon baé karep manéh, Unggal rupa paménta éta batu anu tilu kudu dialungkuen hiji-hiji“.
Tukang ngangon kacida atohna, batu dicokot, di kana pesakkeun, bari nyembah acong-acongan, pokna : „Nuhun Gusti, nuhun..!!“
Ti dinya tuluy indit rék balik ka lemburna. Sajajalan émut ngaggelenyu seuri sorangan, awahing ku atoh, bari mikir-mikir rék ménta naon.
Di jero haténa : “ Hiji aing rék ménta beunghar, dua rék menta jadi raja, sanajan beunghar gé ari teu boga kakawasaan mah kurang sampurna, katilu rék menta boga loba anak, sangkan aya nu nuluykeun jadi raja, sarta aya nu ngurus banda pakaya”
Barang datang ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar, tapi cék pikirna leuwih hadé menta duit baé sing loba, sabab ari ménta munding atawa kuda mah amba, jeung deui ari geus boga duit mah hayang naon-naon gé tangtu bisa. Tuluy ngodok batu rék dialungkeun bari ménta téa. Tapi ngomongna kacalétot, maksudna rék menta loba duit ari pok bet ménta loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan reng wé awakna pinuh ku ceuli, kawas tunggul pinuh ku supa lémbér. Atuh manéhna gogoléran ceurik, awahing ku gila ningali awak sorangan, jeung handeueul paménta geus mubadir hiji. Sanggeus rada leler, ngomong di jero haténa :” Ah keun baé teu kudu menta jadi raja, teu kudu loba anak, dapon beunghar baé, ieu batu nu hiji rék dialungkeun deui, menta supaya ceuli leungit kabéh”. Keleweng batu dialungkeun. Les baé ceuli nu rimbil téh ngiles, leungit kabeh. Manehna bungah liwat saking, sarta niat rék ati-ati dina ménta nu katilu supaya ulah kacalétot deui. Dumadak inget kana ceuli nu dua, nu asalna aya, bet euweuh, kabawa leungit ku ceuli ciciptaan. Atuh ngan hing deui we ceurik, leuwih tarik batan tadi, sabab paménta ngan kari hiji deui.
Ngomong di jero haténa : “Kumaha petana, ayeuna lamun aing ménta beunghar tangtu jadi jelema tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun tetep ménta ceuli nu asli balik deui, meureun tetep jadi jalma malarat”.
Tidinya jorojoy baé aya pikiran nu sampurna, cék atina :” Wah leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui baé dua ceuli nu asli, sabab saur sepuh gé nu utama mah badan walagri sarta cageur, éta téh leuwih utama batan kabeungharan. Saenyana jalma nu disebut beunghar téh nyaéta jelema nu narima kana kulak canggeum awakna. Saperti diri kuring da geus milikna kudu malarat, ari usaha mah da geus dilakonan. Hanas éta teu boga dahareun jeung pakéeun nya rék ihtiar wé, da anggahota lengkep, tanaga rosa. Anggur rék néangan deui baé dunungan nu bageur tur haat ka diri kuring.
Tidinya batu nu tinggal sasiki téh dialungkeun, ménta ceulina nu asli balik deui sabihari. Harita kénéh awakna walagri deui.
---------------------------------------------------

geugeus : beungkeutan paré kira-kira sagedé bitis budak.
gambrang : paré loba nu hapana.
owah : gélo
jajaluk : baramaén
batu cao : batu pualam
amba : rungkang, matak ridu mamawa.
walagri : séhat, henteu cacat.
rosa : bedas, kuat.
kulak canggeum : nasib, milik diri
gila : rasa teu ngeunah upama ningali barang nu pikageuleuheun
anggur : anggursi, leuwih hadé, mending gé
anggahota : bagian awak
haat : hadé haté
kasab, pakasaban : pagawean, pangupa jiwa
korét : pelit, medit
kaduga : kuat, wani.

0 komentar:

Posting Komentar

 
;